
doel sumbang - jampe harupat (keur yufi) lyrics
[verse 1]
jampé+jampé harupat
geura gedé, geura lumpat
sing jauh tina maksiat, anaking
ngarah salamet akhérat
jampé+jampé harupat
geura gedé, geura lumpat
susah+senang omat shalat, anaking
beunghar kadé poho zakat
[verse 2]
jampé+jampé harupat
pék dudunya satakerna
lir ibarat hidep di dunya
rék hirup saumur dunya
jampé+jampé harupat
prak ibadah satakerna
lir ibarat hidep di dunya
rék cacap engké sareupna
[chorus]
dodoja datang tong kalut
sanghareupan make imut
ulah rék aral subaha, anaking
sing percaya ka nu kawasa
maha welas maha asih
moal aya pilih kasih
sagala nu karandapan ku hidep
tangtuna bongan sorangan
[verse 3]
ti bapa, ieu pépéling
ngarah hidep hirup salawasna éling
heunteu beurang, heunteu peuting
hidep kudu soléh satungtung nyaring
[instrumental]
[verse 1]
jampé+jampé harupat
geura gedé, geura lumpat
sing jauh tina maksiat, anaking
ngarah salamet akhérat
jampé+jampé harupat
geura gedé, geura lumpat
susah+senang omat shalat, anaking
beunghar kadé poho zakat
[verse 2]
jampé+jampé harupat
pék dudunya satakerna
lir ibarat hidep di dunya
rék hirup saumur dunya
jampé+jampé harupat
prak ibadah satakerna
lir ibarat hidep di dunya
rék cacap еngké sareupna
[chorus]
dodoja datang tong kalut
sanghareupan make imut
ulah rék aral subaha, anaking
sing pеrcaya ka nu kawasa
maha welas maha asih
moal aya pilih kasih
sagala nu karandapan ku hidep
tangtuna bongan sorangan
[verse 3]
ti bapa, ieu pépéling
ngarah hidep hirup salawasna éling
heunteu beurang, heunteu peuting
hidep kudu soléh satungtung nyaring
Random Lyrics
- song ga in (송가인) - 지나간다고 (just passing by) lyrics
- kids of adelaide - cornerstones lyrics
- david guetta - love don't let me go (main mix) lyrics
- maut - buone nuove lyrics
- flizzer & prizrakparen - бобер venom в alaska puffer аляска куртка lyrics
- yellow.eyes (rus) - баба капа (baba kapa) lyrics
- monet192 & bojan - wanna party lyrics
- lucking - líricas míticas lyrics
- generacija 5 - svemu dođe kraj lyrics
- ほしな歌唄 (cv: 水木奈々) (utau hoshina (cv: nana mizuki)) - heartful song lyrics